Jumat, 05 Desember 2008

Balada Sekartaji jeung Raden Panji

Prolog:Jodo abadi
Saprak rama ambu semédi
Déwata gé kedal jangji
Inu Kertapati kauger ku Sekartaji

Drama 1:
Panji teu deui nyombo
Cinta datang nyirep
Anggraéni sosoca ati
Dijadikeun permaisuri

Drama 2:
Kahuripan dirambat mongkléngna peuting
Si kembang pupus nganuja diri
Barajanata ngajadi saksi
Dibumikeun dina kembang nu seungit

Drama 3:
Lalaki ngakeup sang déwi
Leumpang teu leupas deui
NALIKA CINTA DILEBUKEUN
Sang déwi néang awak Sekartaji
Panji milari titisan sang déwi
Panji leungitkeun jati diri
Lebur marengan bumi

Drama 4:
Lalaki néangan
Sang déwi néangan jeung ngadago

Drama 5:
Lalaki
Datang
Di tukangeun
Kamajaya
Sang déwi
Ngadago
Andéprok na dampal Kamajaya

Drama 6:
Anggraéni dina purnama
Anggraéni dina diri Sekartaji
Aggraéni Sekartaji sahaté
Radén Panji Candra Kirana

Epilog:
Cinta munggaran dibawa perlaya


agni malagina (2008)

hatur nuhun Kang Mumu

Tidak ada komentar: