Jumat, 28 November 2008

Trenaning Tresna

Sajak Godi Suwarna
Lagu Dian HéndrayanaArr. Adi PribadiNu Ngahaleuang Rika Rafika


Bet gumeter ramo-ramo haté kuring.
Ngagupay-gupay salira.
Geus lawas teuing ku lawas, madu anggang tiamisna.
Nya ieu kuring maduna, bet piraku ilang sarisalawasna.
Saban rénghap pirang-pirang binih kembangditebar salega sukma.
Bari disiram kamelang, bising garing pepetétan.
Geus lawas teuing ku lawas.
Geuning salira teu rekah na amparan taman kuring.
Duh, tangkalnu ditilar kembang.
Geuning daunna muguran.
Tuluy kuring ngarangrangan. Salawasna

Tidak ada komentar: